google.com, pub-4169750801100201, DIRECT, f08c47fec0942fa0
Contoh Teks Naskah Pembawa Acara Bahasa Sunda | MUDA MUDI CONDROWANGSAN

Contoh Teks Naskah Pembawa Acara Bahasa Sunda

Contoh Teks Naskah Pembawa Acara Bahasa Sunda - Pada kesempatan kali ini kami akan memberikan contoh mc pembawa acara dengan bahasa sunda, pada artikel sebelumnya kami pernah memberikan contoh pembawa acara bahasa indonesia dan juga mc bahasa jawa, namun di edisi kali ini kami sengaja memberikan yang sedikit berbeda yaitu dengan bahasa sunda.

Contoh Teks Naskah Pembawa Acara Bahasa Sunda

Langsung saja simak Teks Pembawa Acara Dengan Bahasa Sunda dibawah ini :

BISMILLAHIRROHMANIRROHIM
Assalamua’laikum  Warohmatullohi  Wabarokatuh

Allhamdulillahirobbila’lamin wabihi nastai’nu a’la umuridun ya waddin wasolatu wasolamu a’la asrofil ambiya iwal mursalin waa’la alihi wasoh bihi ajmain amabadu.

Anu ku pribados dipihormat Almukarom ti Pondok Pasantren…………………………… Bapa………………………… ti …………………………..., Bapa Kepala Desa Ciketak sinareng perangkatna,Bapa Kesra, Bapa Ulis, Ketua DKM sareng perangkatna, Tokoh Agama, Alim Ulama, para sesepuh, pamuda pamudi oge para Bapa Ibu hadirin anu sami dipihormat.



Langkung ti payun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah SWT, anu mana kalayan rahmat sareng karuniana urang sadaya tiasa kumpul mungpulung paamprok jongkok patepang raray dina raraga “Mieling di babarkeunana kanjeng Nabi Muhammad SAW”, Dina kaayaan sehat walafiat.                                                                                                                                    Solawat miwah salam mugia salamina ngalimpah ruah ka junjunan urang sadayaHabibana Wanabiyana Muhammad SAW”, ka para kulawargina, ka para Sahabatna, ka para tabiin tabiatna oge teu ka kantun ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat sareng tumut kana ajarana. Amin ya Allah Yarobbal a’lamin.

Hadirin sadaya anu sami dipihormat. Hapunten sateuacana pribados nuhunkeun widi, salaku pangjajap acara atanapi panganteur carita. Bade maoskeun sababaraha mata acara anu baris di pidangekun dina wengi ieu. Acara anu ka hiji nyaeta
-          Bibika, anu kadua
-          Laporan ti atas nami panitia, anu katilu
-          sambutan ti atas nami ketua DKM Desa Ciketak, anu ka opat
-          Gerentes manah ti atas nami aparatur pamarentahan Desa, anu ka lima
-          Pangumuman perlombaan para juara, anu ka genep
-          Acara inti “Uraian Hikmah”, anu pamungkas
-          Do’a atanapi panutup

Hadirin sadaya anu sami dipihormat, supados teu nyangkolong kana waktos mangga urang buka acara anu kahiji nyaeta bibika, kalayan sasarengan maos Basmallah, Bismillahirrohmanirrohim. Masih dina acara anu kahiji anu mana bade di eusi ku aosan kalam Ilahi, anu bade di aoskeun ku………......................... sareng saritilawah........................... Ka............................... disumanggakeun.
            Hatur nuhun ka...................................sareng saderek....................................... anu parantos maoskeun kalam ilahina pamudah-mudahan urang sadaya kenging rahmat ti mantenna.
Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu kahiji, mangga urang teraskeun kana acara anu kadua nyaeta laporan ti atas nami panitia, ka Saderek Irwan Sukmanto disumanggakeun. Hatur nuhun ka saderek Irwan Sukmanto anu parantos masihan laporana pamudah-mudahan urang sadaya kenging manfaatna, Amin!
Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu kadua mangga urang teraskeun kana acara anu katilu nyaeta sambutan ti atas nami Ketua DKM Desa Ciketak, ka Bapa Edi Jubaedi di sumanggakeun. Hatur nuhun ka Bapa anu parantos masihan sambutana pamudah-mudahan urang sadaya kenging mangfaatna, Amin!
Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu katilu mangga urang teraskeun kana acara anu ka opat nyaeta gerentes manah ti atas nami pamarentahan Desa, ka Bapa........................................................ di sumanggakeun, hatur nuhun ka Bapa...................................... anu parantos masihan gerentes manahna, pamudah-mudahan urang sadaya kenging mangfaatna. Amin!
Para Bapa Ibu hadirin anu sami berbahagia, rengse acara anu ka opat mangga urang teraskeun kana acara anu ka lima nyaeta pangumuman para  juara anu kenging dina perlombaan dina raraga mieling di babarkeunana junjunan urang sadaya habibana wanabiyana Muhammad SAW. Ka saderek.............................................. disumanggakeun. Hatur nuhun ka saderek.......................... anu parantos maoskeun sadaya para juara, pamudah-mudahan ngajantenkeun motivasi kangge putra sareng putri urang sadaya. Amin!
Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu ka lima mangga urang teraskeun kana acara anu ka genep nyaeta acara anu di antos antos kurang sadaya “Uraian Hikmah” ka Bapa Almukarom di sumanggakeun. Hatur nuhun ka Bapa Almukarom anu parantos masihan uraian hikmahna pamudah-mudahan urang sadaya kenging syafaat, ti mantenna, Amin! Ya Allah Ya Robbal a’lamin.
Hadirin sadaya anu sami berbahagia, rengse acara anu ka genep, mangga urang teraskeun kana acara anu pamungkas nyaeta do’a atanapi panutup, kangge nutup ieu acara mangga urang sasarengan maos Hamdalah.Allhamdulillahirobbila’lamin.
Para Bapa Ibu hadirin sadaya anu sami dipihormat. Allhamdulilah acara katut acara parantos ku urang sadaya dilaksanakeun, kalayan teu aya halang harungan naon-naon. Ka sadaya anu sami darongkap hatur nuhun pamudah-mudahan dina dongkapna hadirin sadaya ngahijikeun salah sahiji amal soleh kangge hadirin sadaya, Pribados salaku pangjajap acara nuhunkeun dihapunten tina samudaya kakiranganana, hatur nuhun tina sagala perhatosanana.
Akhirul kalam Wabillahitaufik Walhidayah Wassalamua’laikum Warohmatullahi Wabarokatuh.


Semoga dengan postingan diatas yang berjudul Contoh Teks Naskah Pembawa Acara Bahasa Sunda dapat bermanfaat untuk sobatku semuanya. Dan jangan lupa ya share buat temannya yang membutuhkannya dan cobalah share difacebook ataupun media social lainnya, karena sebuah kebaikan sekecil apapun nantinya akan mendatangkan kebaikan pula yang lebih besar untuk diri anda sob.

5 Responses to "Contoh Teks Naskah Pembawa Acara Bahasa Sunda"